Candi Borobudur

KOLOM0 views

Ku: Eti Nurhayati

Candi Borobudur (Borobudur Temple) nyaéta candi titingal umat budha dina jaman kakawasaan Dinasti Sailéndra ( 780-840 maséhi). Ieu candi ayana di Borobudur, Magelang, Jawa Tengah. Kira-kira 40 km ti Yogyakarta.
Taun 1814 Candi Borobudur ieu kapanggih ku pasukan Inggris nu dipimpin ku Sir Thomas Stanford Raffless. Terus waé diberesihan, nepi ka ayeuna dirawat jeung dimumulé, jadi salah sahiji warisan budaya nu dipikareueus ku bangsa Indonesia.
Gaya wangunan ieu candi disebut Gaya Mandala, nyaéta gaya anu nunjukkeun alam semesta dina kapercayaan Budha. Struktur wangunannana mangrupa kotak kalawan ngabogaan opat panto asup. Gunadharma nu katelah, ngaran arsitek ieu wangunan tohaga téh.
Kiwari jadi tempat nu dijugjug ku loba pisan wisatawan domestik/ asing.

EN, 2019

Komentar