Fikmin “Hélm”

KOLOM0 views

Ku: Eti Nurhayati

Pasosoré, bubar kuliah, kuring ngabring jeung babaturan nuju ka gerbang kampus. Ti kajauhan geus katingali Si Akang keur ngadagoan, manéhna geus janji rék ngajemput. Kuring muru ka si Akang sanggeus pamitan heula ka babaturan.
Di perjalanan Si Akang bébéja rék nyimpang heula ka béngkél kusabab aya nu kudu dibenerkeun, cenah. Kuring rada kerung da kurang satuju.
Reg, motor eureun pas di stopan, lampu beurem masih hurung. Rét, kuring ngarérét kana angkot nu pangeusina galécok pisan, singhoréng babaturan kuring éta téh. Kusabab robah pamadegan, kuring bébéja ka Si Akang yén kuring téh horéam ka béngkél, jadi rék bareng wé jeung babaturan. Si Akang satuju. Kuring turun tina motor, kalacat naék kana angkot bari hariweusweus laporan ka babaturan. Anéhna babaturan nu merhatikeun kuring sing séréngéh, cakakak baé saleuseurian bari nunjuk kana sirah kuring. Gap waé kuring nyabak sirah, éh….enya wé hélm masih nyéngclé. Kuring balaham béléhém bakating ku éra.

Komentar