Kamonésan HUT RI

KANAL0 views

Kamonésan nu dipintonkeun dina ngareuah-reuah ulang taun Kamerdékaan RI rupa-rupa pisan, aralus deui. Tiap tahun teh béda-béda.
Matak panasaran hayang gancang-gancang nyakséni.

Keur nu boga bakat séni mah, nyieun papatungan nu kawas dina foto ieu, kayaning Manuk Garuda, oray naga jeung tutumpengan téh geus teu hésé, gampangeun pisan. Salut tah…
Kuring kaasup pecinta seni, resep nyakséni hasil- hasil seni. Tiap tahun teu weleh nganti, kasenian naon nu bakal minton. Geus kitu kuduna kapan, urang mah sabisa-bisa silih dukung, silih ajénan, silih méré aprésiasi kana karya nu sipatna positif. Kadé tong sabalikna!

Merdéka!
Merdéka keur terus berkarya

EN, 17082019

Komentar