Kantong Anyar

KOLOM0 views

Ku: Eti Nurhayati

Geus lila Nanang ménta pangmeulikeun kantong ka bapana. Kahayangna katedunan kamari, basa bapana balik nyaba ti Jakarta. Haté budak kelas opat SD téh kacida bungahna. Kantong anyar téh hayoh we dioprék, teu sirikna dikeukeupan sapeupeuting.
Isuk- isuk pisan Nanang gebrus mandi. Rap dibaju sakola, terus sarapan, tuluy wé indit ka sakola. Teu poho kantong anyarna digandong. Mani sumanget pisan éta budak téh, hayang gancang tepi ka sakolana, rék pamér kantong ka Si Toni, balad sabangkuna.
Barang tepi ka sakola, kasampak téh mani tiiseun. Teu aya nu ngulampreng saurang ogé. Manéhna palahak polohok bingung sorangan. Terus nanyakeun ka Ceu Nonoy, tukang warung deukeut sakola. “Ceu, naha can daratang ieu téh, nya?”, pokna. Ceu Nonoy mani kerung, terus balik nanya “Ari kitu rék aya kegiatan naon?”. “Rék diajar wé, Ceu”, jawabna kalem. Ceu Nonoy nyarita mani tarik “ Har… pan ayeuna téh poé ahad”. Nanang mani ngahuleng….

Komentar