Koala

KANAL0 views

Aya deui sato khas Australia nu lucu pisan katingalina. Ieu sato téh ngaranna Koala (Phascolarctos cinereus) . Sapopoéna ngan cicing dina tatangkalan, nangkod dina tangkal bari peureum. Puguh gé jiga bonêka. Mani matak gemes, hayang nêwak wé, terus dipangku.

Kadé tong salah, jigana waé herbivora nu resep kana daun eucaliptus ieu téh bageur. Nu sabenerna mah ieu sato têh mindeng nyerang saha waé nu aya di deukeuteunnana lamun ngarasa kaganggu atawa manéhna ngarasa aya dina bahaya.

Jadi keur pengunjungna kudu ati-ati!

EN, 2019

Komentar