Légénda Situ Gedé

KOLOM1 views

Dicaritakeun deui ku: Eti Nurhayati

Kacaturkeun nalika Tanah Priangan aya dina kakawasaan Mataram. Saurang priyayi katurunan Prabu Tadjimalela nu wastana Prabudilaya linggih di Gunung Simpay, Sumedang. Eta Priyayi teh kasohor teu betah cicing di imah, karesepna ngalalana ka daérah-daérah keur nyuprih ilmu kadigjayaan jeung kabatinan.
Anjeuna ngaprak ka unggal daérah. Jawa Barat, Jawa Timur, ogé Madura. Hiji waktu, anjeuna nganjang ka karaton Mataram. Raja kataji ku kalakuanana, nya dikawinkeun Prabudilaya teh ka dua istri, ngarana Nyi Sakarembong jeung Nyi Kondanghapa.
Sanggeus kawin, Prabudilaya jeung dua istrina balik ka Sumedang. Kahirupan sapopoéna ngahuma. Istri-istrina dilatih ilmu kabatinan, keur bekel waktu ditinggalkeun, da anjeuna masih hayang ngalalana. Istri-istrina dipercayakeun ka dua pengawalna, nyaeta Ki Sagalong jeung Ki Siliwati.
Kusabab Prabudilaya ngalalana waé, éta dua istrina téh ngarasa diantep, da teu dibéré napkah batin. Mun rajeun mulang ogé, Prabudilaya mah mindeng tapa. Lili-lila boga pikiran goréng, nyatana hayang maéhan carogéna.
Dina hiji peuting, waktu Prabudilaya keur tibra kulem, Nyi Sakarembong mawa péso nu nyelip dina cangkéng Prabudilaya, terus wé ditubleskeun kana beuteungna
Sanggeus kitu badami jeung Nyi Kondang hapa pikeun ngurebkeun mayit.
Kusabab sieun kanyahoan ku batur, éta mayit dibawa nepi ka wilayah Tasikmalaya.
Di hiji tempat, maranehna ngagali taneuh keur pakuburan, tapi saméméh anggeus ka kaburu aya cahaya beureum ti beulah wétan. Antukna mayit teu tulus dikuburkeun da sieun katohian. Tina taneuh urut ngagali tadi kaluar cai nu ngeyembeng, nu ayeuna disebut Cibeureum. Dibawa deui ka tempat séjén, sarua teu tulus waé dikuburkeun. Tandu nu dipaké mawa mayit sababaraha kali potong, terus disambung supaya bisa dipaké ngagotong deui. Eta tempat ayeuna katelahna lembur Sambong.
Nepi wé maranéhna ka gunung leutik. Nyi Sakarembong jeung maruna ngagali taneuh, terus mayit Prabudilaya dikuburkeun di dinya. Ki Sagalong jeung Ki Siliwati nu katohian ngunguntit maranéhna gé dipaténi. Kuburanana deukeut kuburan Prabudilaya. Ayeuna, éta tempat katelahna Situ Gedé.

Cag

Photo tina google

Komentar