Légénda Situ Sanghyang

KANAL10 views

Aya di sisi situ bari nyawang ka peuntaseun , palebah tulisan “Sanghyang” mani asa waas. Riakna cai nambah éndahna pamandangan.
Situ Sanghyang téh kawasan wisata nu aya di Kampung Cibalanarik, Tanjung Jaya, Kabupatén Tasikmalaya.

Pernah ngadangu atawa maca dongeng ngeunaan ieu situ?
Ceuk dongéng mah cenah baheula téh aya Si Buncireung nu datang éta kampung.Disebut buncireung sotéh pédah beuteungna buncir. Si buncireung téh ngakuna kalaparan, tapi taya nu maliré, teu daraékeun barang béré. Inyana nepi ka hiji imah nini-nini miskin anu daék ngaku tur nyuguhan saaya-aya.

Saterusna si nini dititah Indit ninggalkeun éta kampung nu katelah wargana pararedit. Waktu si nini rék indit, warga daratang, Si Buncireung ngélingan ka warga sangkan ninggalkeun sipat nu goréng (pedit).

Loba warga nyeungseurikeun, malah ngahinakeun. Si Buncireung nancebkeun nyérê. Ku Si Buncireung nyéré kalapa nu ditancebkeun dina taneuh deukeut imah si nini téh dicabut. Ti dinya, burial kaluar cai anu pohara lobana, nu antukna éta kampung jeung eusina kakérem.

Kamana cenah ari si nini?
Ceuk ieu dongéng, si nini mah salamet, dibawa ka Karajaan Sanghyang.
Cag.

Didongengkeun deui versi nu ngotret.
Hapunten bilih teu saluyu.
EN, 2019

Komentar