Légénda Talaga Warna

KOLOM1 views

Didongéngkeun deui ku Eti Nurhayati.

Kacaturkeun aya hiji karajaan di Jawa Barat. Rajana nu katelah Raja Prabu mimpin nagara kalawan adil bijaksana. Rahayatna ajrih jeung reureus ka anjeuna nu mimpin nagara aman jeung makmur. Aya hiji masalah nu ngaganjel dina emutan raja. Raja tacan gaduh katurunan. Kusabab raja jeung permaisuri mindeng sedih, sababaraha kali panaséhat raja nyarankeun keur ngangkat anak, tapi anjeuna henteu satuju.
Poé ganti minggu, minggu ganti bulan, bulan ganti taun, tapi nu dianti can kaciri tanda-tandana. Permaisuri tacan gaduh putra waé. Antukna raja tapa di gunung. Nyata, tapa teh aya hasilna.
Balik tapa, permaisuri kakandungan. Ngadéngé béja pikabungaheun, rahayat ngaleut ngabandaleut ka karaton keur ngawilujengkeun bari rarébo ku babawaan.
Kacaritakeun geus salapan bulan kakandungan, permaisuri ngalahirkeun orok awéwé nu geulis. Sakabéh rahayat milu bagja.
Beuki lila puteri téh beuki gedé, beuki geulis deuih. Raja jeung permaisuri kacida nyaahna, kawas nanggeuy endog beubeureumna. Sagala kahayangna dicumponan. Akibatna, putri jadi ogoan.
Cunduk waktu, ninggang mangsa, umur putri ayeuna tujuh welas taun. Kabéh rahayat datang ka alun-alun nu geus dihias ku kekembangan, teu poho mawa rupa-rupa hadiah keur putri. Dina éta acara, raja masihkeun hadiah ka putri mangrupa kangkalung nu kacida éndahna. Eta kangkalung emas téh ditarétés ku permata. Tapi sakabéh nu hadir hanjelu jeung sedih, sabab putri nolak hadiah ti ramana kalawan sikap nu sombong. Eta kangkalung hadiah téh dialungkeun nepi ka mancawura, pabalatak emas permatana.
Nempo kajadian kitu, kabéh nu hadir jempling, teu lemék teu nyarék. Teu lila hing waé kadéngé aya nu ceurik, nu taya lain éta téh permaisuri, atuh sakabéh nu hadir gé milu ceurik.
Teu disangka-sangka, na ujug-ujug mancer cai di alun-alun téh. Beuki lila, beuki loba, nepi ka karaton gé kakérem. Cai nu loba mangrupa talaga.
Ayeuna, éta talaga disebut talaga warna, sabab caina katingal so robah warna. Masyarakat di sabudeureunana loba nu percaya yén éta warna téh asalna tina kangkalung putri nu balatak di dasar talaga.
Cag.

Katerangan: Photo tina google

EN, 01102019

Komentar