Ngadongéng

KOLOM2 views

Ngadongéng téh mangrupakeun hiji kaparigelan dina bahasa salian ti maca, nulis, jeung ngadéngékeun/ ngaregepkeun. Dina bahasa Inggris ngadongéng disebut Story telling. Kaparigelan ngadongéng perlu latihan nu cukup, da gening teu gampang. Butuh wawanén keur bisa manggung nu sampurna, paséhat jeung ngarti kana eusina nu didongéngkeun.

Dina gambar aya murid SMPN 1 Sariwangi keur ngadongéng, babaturanana nu ngaregepkeun jeung ngalalajoanana. Maju ka hareup sakali séwang. Ngahaja milih tempat di luar kelas sangkan teu bosen. Da diajar mah bisa dimana waé. Leres kitu?
Itung-itung panggung sastra mun di kampus kuring nu baheula mah.

EN, 2019

Komentar