Opera House

KOLOM0 views

Ku: Eti Nurhayati

Datang ka Negeri Kangguru rasana can lengkep lamun can datang ka ieu tempat nu katelah Sydney Opera House. Wangunan abad ka-20 ieu jadi ikon nu pangkasohorna di Australia. Lokasina aya di Bennelong Point, New South Wales. Dina gaya arsitekturna wangunan ieu sarua jeung “Cangkang haremis anu lapis-lapis”. Kaunikanana jadi salah sahiji daya tarik keur para wisatawan. Desain wangunan ieu ngarupakeun hasil karya seniman asal Denmark, Jorn Utzon.

EN, 2019

Komentar