Pamecut Diri

KOLOM1 views

Angin ngahiliwir nebak kana dangdaunan. Karasana seger pisan, ngajurung laku, nganteurkeun kana lamunan. Mun seug…pinasti….
Tapi teu kitu, kétang. Tiap-tiap makhluk geus aya katangtuan, aya rezekina séwang-séwangan.

Dawuhan Alloh SWT dina Al Qur’an, surat Arrohman: “Nikmat Kami anu mana deui nu ku aranjeun baris dibarohongkeun téh?”.

Manusa darma ikhtiar jeung ngadu’a kawajibanana, sedengkeun nu maparin rezeki/ nikmat mung anu kagungan ieu dunya jeung sakabéh pangeusina, anu Maha Rohman nu Maha Rohim.
Urang, minangka hamba Alloh SWT, wajib narimakeun/ syukuran kana nikmat ti Anjeuna, pantang ngabalieur sumawona kufur kana nikmat Anjeuna.

EN, 27102019

Komentar