Talatah

KOLOM0 views

Mihapé ka angin nu rék miang
Pangnepikeun iber kamelang
Nu ngalangkang ungal jam
Nu ngabetrik ati saban ganti wanci
Nepi ka kiwari

Béjakeun ku anjeun ka beurang nu caang
Harewoskeun ku anjeun ka peuting nu simpé

Sangkan tingtrim dina ati
Tong galideur babakti
Wungkul ka gusti nu Maha Suci

Sanajan loba pisan gogoda
Noélan rasa
Ngendag- ngendagkeun pancegna iman
Poma Istiqomah tong wungkul
Jadi babasan

Komentar