Kurban di Sakola

KANAL2 views

Pas sabulan katukang, SMPN 1 Sariwangi kabupatén Tasikmalaya ngayakeun kurban di sakola. Maksudna sajaba ti ngabantu warga sakola nu rék kurban, mangrupa pangajaran langsung keur barudak sakola, oge ngareketkeun tali kakarabatan antara warga sakola jeung lingkungan di sabudeureunana.

Kurban di sakola teh geus sababaraha tahun dilaksanakeun tur geus karasa mangpaatna, boh keur pihak intérn sakola, boh keur lingkungan di sabudeureunnana.Lamun mangsana datang waktu kurban, kaayaan di sakola kacida raména. Sakabéh warga sakola milu ulubiung sakamampuana masing-masing, ibu-ibu guru biasana kabagéan masak. Tiap taun botram jeung ngolah daging babarengan.

Mun geus bérés meuncit jeung ngurusna, daging kurban dibagikeun ka warga di sabudeureun sakola. Barudak gê kabagean gaganting. Resep pisan nempo barudak ngantri dibagi daging. Nu geus meunang daging, leungeuna distémpel, terus we baralik, “rek nyaté jeung babaturan”, cenah.Kuring satuju pisan kana program ieu téh. Alus pisan jeung pantes mun diconto ku sakola-sakola sêjénna. Alhamdulillah. EN, 2019

Komentar